Doel Sumbang Jampe Harupat Lyrics

Jampe-jampe harupat Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking Ngarah salamet akherat
Jampe-jampe harupat Geura gede geura lumpat
Susah senang omat solat anaking Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya Rek hirup saumur dunya
Jampe-jampe harupat Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking Sing percaya ka nu kawasa
Maha welas maha asih Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring

See also:

7
7.52
5566 For You Lyrics
Bullets and Octane Breakout Lyrics