Doel Sumbang Awewe Sapi Daging Lyrics

sanes atuh ibu, teu terang abdimah sanes kitu
pedah biasa ngabenteunkeun mana emansipasi
nu mana emansisapi
upamimah model kiyeumah emansisapi

aya awewe jaman ayeuna
ngaku awewe modern
berkarier penuh obsesi
sagala, hayang siga lalaki

ceunah emansipasi
bari uteukna teu ngarti
bisnis beurang peuting
bisnis naon duka teh teuing
salakina di imah
nu ngajaga tulak panto
anakna diasuh
cukup ku suster jeung babu

hayangna mobil mewah
ngabelaan jadi runtah
ngarepkeun ti salaki
ceunah, duitna teu cukup wae
emas berlian renceum
ngaku bati tina bisnis
padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak

*ref
awewe nu kieu lain awewe modern
tapi sapi daging
peunciteun tukang jagal
nganut emansipasi
kaluar tina aturan
montong ngawalan kodrat
bisi ngadon jadi bejad (nyai")

"kahade teh emansipasi teh persamaan hak laki" & perempuan tapi hanya yang positif"na saja,, anu goreng patutna mah ulah di tiru atuh euy"

See also:

120
120.45
ปาล์มมี ความทรงจำสีจาง Lyrics
PUHDYS Flieg mit mir Lyrics